SI KABAYAN NGALA NANGKA
si kabayan dititah ngala nangka ku mitohana..
"kabayan sok sok geura ngala nangka ka kebon!!!
"nu gede jeung kolot ngala nangka teh!!.. kenclung weh si kabayan teh ka kebon bari manggul bedog..
pas nepi ka kebon si kabayan ulak ilik kana tangkal nangka.. si kabayan ningali aya nangka nu badag tur kolot..
"wahh iyeu yeuh nangka nu dipika hayang ku mitoha kuring teh..!!!
tuluy we diala.. ku si kabayan teh.. pas manggul beurat.. "aduh beurat geuning nangka teh.. ceuk si kabayan.. ai pek teh aya walungan tuluy we dipalidkeun nangka teh ku si kabayan.. "jug weh maneh mah balik tiheula da geus kolot ieu piraku teu bisa balik sorangan.. ceuk si kabayan ka nangka teh.. pas nepi ka imah,si kabayan di tanya ku mitoha na, "kabayan meunang nangka teh??
"herrr.. naha can balik kitu nangka na? kan ku kuring di palid keun ka walungan..
"ai maneh belegug maeunya nangka bisa balik sorangan??
"ahh nu belegug mah nangka na weh geus kolot teu bisa balik sorangan..
Monday, October 5, 2015
si kabayan ngala nangka
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment